07/05/2026
Riyadloh Malam Jum’at
07 Mei 2026
KH. Ejang Misbah
Lamun aya jalma anu nyaritakeun agama sejen eta bohong, palingge Aagamaan, atawa agama anu bathil.
Ari islam mah disebutna الدِّنُ الْحَقُّ :Agama anu bener, agama anu bener bener agama mungguh Alloh.
Pidauhna : اِنَّ الدِّيْنَ عِنْدَاللّٰهِ الْإِسْلَام
“ Saenyana agama mungguh Alloh nyaeta islam “.
Islam secara lughowi hartina : Pasrah
Jalma anu nganut agama islam disebut muslim anu hartina : Jalma anu pasrah, kulantaran islamteh agama Alloh berarti muslim jalma anu pasrah ka Alloh.
Ari gambaran pasrah berarti siap setia, Toat atawa nurut kana sagala aturanana, nurut kana parentah jeung panglarangna. Sehingga ngancik dina atina sumarambah dina sakujur tubuh anggota badana ngajadi darah, jeung dagingna kalawan nyata dina salila hirupna di seja ku hatena diikrarkeun ku letahna :
تَعَبُدًاالَى اللّٰه وَطَا عَةًلِأَمْرِاللًٰه وَبْتِغَاءَمَرْضَاةِاللّٰهِ وَمَحَبَّاتِهِ
Tegesna abdi ibadah kaalloh abdi nurut kana parentah jeung panglarang alloh abdi nyuprih kana karidoan jeung kana kacintaan alloh jadi atuh setiap pribadi manusa anu beragama islam anu geus menang gelar muslim cita cita jeung harapanana sagala upaya jeung garapanana hayang diri dipaparin mampu, bisa, hampang tur gampang dina nyumponan panggilan Alloh boh anu patali jeung badan sakujur, atawa jeung harta banda kahirupan malah sanajan tepika nyawa melayang sagala, kesempatanana di anggo jihad fisabilillah oge setiap pribadi muslim wajib ngaluarkeun jeung miceunan sifat sifat anu ngarusak tina kahambaan dirina ka Alloh saperti sifat ujub, riya, takabbur, jeung sagala sifat anu goreng, tegesnamah tazqiyatunnafsi hartina wajib ngabersihkeun diri.