19/01/2018
Riyadoh Malem Jum'at
Bandung, 18 Januari 2018
Miftahut Taufiq - K. Ahmad Solihin
*LIMA PERKARA ANU MATAK MAWA BERSIHNA HATE, RASA, POLAH, LAMPAH*
Kotorna hate eta mawa kana kotorna rasa, kotorna rasa eta mawa kana kotorna polah, kotorna polah matak mawa kana kotorna lampah. Kotorna polah jeung lampah mawa hina kana anu boga diri, salian ti eta nu leuwih cilaka mawa kana kacilakaan di dunia jeung aherat. Atuh ku kotorna hate bisa mawa diri kana kacilakaan di dunia aherat.
Ku bersihna hate eta matak mawa bersih kana rasa, ku bersihna rasa mawa kana bersihna polah, ku bersihna polah mawa bersih kana lampah, ku bersihna laku lampah mawa kabagjaan di dunia sareng akherat.
Aya lima perkara anu matak ngabersihkeun hate, ngabersihkeun rasa, ngabersihkeun polah jeung lampah :
1) *Iman ka Allah sing nepi ka Yaqin*
Iman anu yaqin dihasilkeunana tina ladang elmu, elmu dihasilkeunana tina ladang ngaji. Maka ulah bosen dina ngaji, ulah eureun dina neangan elmu, ulah eureun nambahan guru (eweuh basa ganti guru, nu aya nambahan guru)
Jalanna neangan elmu bisa ku diajar ka mu'allim, muthola'ah, mudzakarah, atawa nyorogkeun ka batur.
2) *Iman ka Rosul*
Tuturkeuneun, pedomananeun, contoaneun. Teu aya hiji figur anu sampurna pikeun diconto iwal ti rosul, teu aya cawadeunana di rosul, teu aya awon na di rosul, sabab rosul mah di ma'shum. Tambah ti eta, nyontona ka rosul mah jadi ibadah.
قُلْ إِن كُنتُمْ تُحِبُّونَ اللَّهَ فَاتَّبِعُونِي يُحْبِبْكُمُ اللَّهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ ۗ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَّحِيمٌ (ال عمران)
وَمَا يَنطِقُ عَنِ الْهَوَى إِنْ هُوَ إِلَّا وَحْيٌ يُوحَى (النجم)
3) *Jaga Pergaulan*
Teu meunang dekeut teuing jeung jalma anu jahat, jalma anu tukang laku maksiat. Aya basa *bisi kacolong watek*
Dekeutan mah solihin (jalma sholeh) jeung ulama, dekeut ka solihin mawa kana sholeh, dekeutbka ulama mawa kana tambah-tambahna elmu.
عَلَيْكُمْ بِمُجَالَسَةِ العُلَمَاءِ، وَاسْتِمَاعِ كَلاَمِ الْحُكَمَاءِ، فَإِنَّ اللهَ تَعَالَى يُحْيِى القَلْبَ الْمَيِّتَ بِنُورِ الْحِكْمَةِ كَمَا يُحْيِى الأَرْضَ الْمَيْتَةَ بِمَاءِ الْمَطَر (الطبرانى)
4) *Dahareun jeung pakean sing halal*
Cirina di diri urang kacampuran perkara anu teu halal diantarana nyaeta: hese na diri kontak rasa sareng Allah, padahal geus qiyamul lail, geus tahajud, ditambah ku ngado'a, wiridan. tapi rasa na ngan saukur kakalayangan teu bisa kontak rasa sareng Allah teu bisa wushul ka Allah.
5) *sing daek tafakur*
Nafakuran kasalahan diri, nafakuran maot, nafakuran Alam qubur, nafakuran hirup jeung kahirupanana.
أَكْثِرُوا ذِكْرَ هادم اللَّذَّاتِ يَعْنِي الْمَوْتِ (الترمذي)
الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلاً وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ (الملك)
=======MIFTAHUT TAUFIQ======