Wisata curug cimayang

Wisata curug cimayang Tempat wisata alam yg ada di daerah kec.bojong manik kabupaten lebak banten.

06/09/2022

Sareupi nya ayeuna mah di cimayang...🙄

10/02/2022

ALHAMDULILLAH ya ALLAH,,
ari jujur mah timana we milik mah.
Tadi abdi ka ATM rek ngecek saldo, ...
Di ATM malah aya dompet sareng eusina, meureun jalmi na hilapen nuju rurusuhan pas bade nyandak artos di ATM.
Isi dompet na aya artos, ATM, KTP, SIM, STNK jeung surat² nu lain na.
Ku abdi di tingali KTP na eh alamatna teu tebih ti ATM eta.
Kusabab karunya bari hayang apal da dina fotona meni geulis, abdi langsung nganteurkeun dompet ka alamat sesuai KTP.
Pas dugi ka tempat anu dituju, nu gaduh dompet reuwas bari atoheun nepi ka nangkeup abdi teu lepas² bari pok ngomong: "haturnuhun kang!"
Sanggeus dompet ku abdi dipasihkeun, abdi langsung pamitan, tapi si teteh eta nahan abdi bari masihan artos, pok ngomong :
"Ieu artos kangge akang, cenah tanda mulang tarima, saurna teh
Abdi nyarita: "Ulah Teh, abdi mah da ikhlas"!.
Si teteh nyarita: "Teu nanaon candak we artos na mah da teteh mah perlu susuratanna, tibatan kudu ngurus² surat² kehilangan sagalarupa", bari maksa ngasupkeun duit kana saku baju abdi...
Dari pada si teteh maksa wae, tos we ku abdi ditampa....
Pas di jalan, abdi panasaran tuluy ditempo duitna loba pisan di itung jumlahna aya 10.000.000.
Puguh we abdi terharu bari ngomong dina jero hate....
"Ya Alloh, lamun carita ieu beneran, pasti ku abdi duitna rek dipake neraktir kabeh nu maca carita ieu...."

Wilujeng wengi mugia cing harasil sadaya pamaksadan lncar rezeki tur sarehat

Aamiin ya 🙏🙏🙏😇😇

09/02/2022

Suasana desa cimayang
Kp.Cimayang girang lebak banten

07/01/2022

Beli bakso harganya 10rb aku bayar 8rb, yang jual marah marah.
dari sini aku belajar, tidak ada yang menerima kekurangan

06/01/2022

Urang sare wae lain kusabab urang kedul tapi urang bisa ngarasakeun, lewih keneh indah hirup dina impian daripada kenyataan😊

06/01/2022

Balik gawe langsung sare, hudang sare langsung gawe, pas sare ngimpi gawe, keur gawe hayang sare, terus we kitu nepi ka budak paud tauran Jeung si katak bhizer😂

11/11/2021

SING PAGEUH AQIDAH, SING KUAT UKHUWWAH.*

*Dunya geus tereh pamitan..*
*Kiamat geus ngadeukeutan..*
*Elmu gampang di teangan..*
*Ngamalkeun na hese pisan..*

*Na HP elmu balatak..*
*Teu ngarobah kana watak..*
*Ka guru kalah calutak..*
*Ka kolot ge wani nyentak..*

*Loba jalma anu pinter..*
*Pamikiran na teu angger..*
*Nu di sebut ka balinger..*
*Ka batur sok ngalilieur..*

*Agama jadi dagangan..*
*Pikeun nyiar kauntungan..*
*Jeung dulur anu sa iman..*
*Geus loba papaseaan..*

*Ari ka batur ngabela..*
*Tapi jeung dulur pasea..*
*Bari mamawa agama..*
*Teu boga rasa rumasa..*

*Hayang di sebut wanian..*
*Hayang tenar ku pujian..*
*Ngadadak silih baeudan..*
*Jeung balad nu teu sa jalan..*

*Dunya geus beuki ngolotan..*
*Ulama geus di jauhan..*
*Ka Pasantren nga anggangan..*
*Ngaji geus teu ka lakonan..*

*Loba nu katalar Qur'an..*
*Hadits geus jadi talaran..*
*Lain meunang di wurukan..*
*Tapi beunang pipikiran..*

*Maca tafsir terjemahan..*
*Maca hadis sambarangan..*
*Mengkol dina kayakinan..*
*Asa bener ceuk sorangan..*

*Elmu loba di debatkeun..*
*Dalil loba di adukeun..*
*Tapi ahlak di pohokeun..*
*Fiqih na teu di jalankeun..*

*Nu bener di sebut salah..*
*Nu hade di tuduh bid'ah..*
*Make dalil na teu mernah..*
*Nyokotan tina tarjamah..*

*Hayu dulur-dulur geura ngaji..*
*Ka Ajengan jeung Kiai..*
*Anu pinuh ku pangarti..*
*Nu apik tur sae ati..*

*Agama keur di amalkeun..*
*Lain pikeun di pamerkeun..*
*Akhlak kedah di terapkeun..*
*Lain sakadar ngobrolkeun..*

*Sing karunya kanu bodo..*
*Elingan jalma nu poho..*
*Kudu sabar bari ridho..*
*Kana ibadah sing sono..*

*Caangan hate nu poek..*
*Sangkan hirup henteu rupek..*
*Amalkeun sulam taufeq..*
*Sangkan hirup henteu fasek..*

*Pageuhan dina aqidah..*
*Sing akur jeung ahlussunnah..*
*Aqidah na Asy'ariyah..*
*sinareng Maturidiyah..*

*Ulama nu sholeh nyontoan..*
*Najan aya perbedaan..*
*Marantena sa uyunan..*
*Sangkan ummat narurutan..*

*Hayu dulur-dulur nu sa iman..*
*Ukhuwwah urang kuatan..*
*Islam kudu sa beungkeutan..*
*Sangkan meunang ka jaya an..*

*Mangga baraya sadayana urang sami-sami dilenyepan*
🙏🏻🙏

*˚₊· ͟͟͞͞➳❥Naa*Bukan sekarang,tapi di masa yang akan datang.In syaa Allah.Kamu akan menikmati setiap doa yang selama ini...
27/10/2021

*˚₊· ͟͟͞͞➳❥Naa*

Bukan sekarang,tapi di masa yang akan datang.
In syaa Allah.Kamu akan menikmati setiap doa yang selama ini kamu ulang secara terus-menerus.

26/05/2021

Curug Cimayang Lebak Banten

22/12/2020

Assalamualaikum
apa kabar??
Kumaha kaayaan di cimayang?

18/07/2020

Assalamualaikum
Salam wengi warga cimayang🏨
Kumaha daramang??

Address

Desa Cimayang
Rangkasbitung
42363

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Wisata curug cimayang posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share